بسم الله الرحمن الرحيم
Wajan arud’’ mustafilun
mustafilun mustafilun
MiHroJul kurbi
IYEU
NADOM SUNDA FAFATENAN
Ngawitan
abdi kunyebat jeneungan pangeran
Nuasih di dunya akherat sa lila lila
Muji ka alloh nungurus sakabeh
alam
Ku puji anu nycogan sae sagalagala
Pamugi
tetep rahmat salam karosululloh
Nyakitu
ka ahli sohabat nu bararela
Iyeu risalah tukilan tina dawuhan rosul
Nya
buat netelakeun papantan bahula
Sacara
umat nabi ibr0him golongannana
Tujuh
puluh golongan pada silih ceula
Nya kitu umat nabi musa golongan nana
Tujuh puluh hiji golongan
loba tuala
Nya
umat nabi isa oge golongnana
Tujuhpuluh
dua golongan jeungjuhala
2
pirqoh muslim
Ari golongan islam jaman
pupus rosul
Dua goloan islam munapeq
bahula
Sakabeh
kaom islam salmpah saucap
Satekad
salian munapeq nu lewih ela
Sabada pupus rosulluloh timbul
padu
Tekad ucap lampah islam
nubahula
Nepika
jadi islam tujuh puluh tilu
Golongan islam
kabeh pada silih cela
Tegesna visan kana dawuhan kanjeun nabi
Di akhir jaman pipisahan
umat kaula
Hinga
jadi tujuh puluh tilu golongan
Sakabeh
hinga tetep dina raka salilalila
Kajaba hiji golongan teu asup naraka
Nyata
nu saucap tekad lampah jeng kaula
Nyakitu
tekad ucap lampah saruadeui
Jeng
sohabat sohabat kami nubaheula
Nu tujuh puluh duagolongan
di bagi deui
Nya jadi tujuh golongan nuringkes tapsilan
3
1
Gologan mu’tazilah
Kahiji golongan mutazilah
lobana
Nya dua pulouh golongan sakabeh juhala
Nyaeta
ngeweh ken sifat wujud ka alloh
Muhal katingali disurga
alloh ta’alA
2Golongan
siah
Kadua golongan siah ari lobana
Duapuluh dua golongan kabeh di
cela
Nya
boga tekad teaya imam sabada rosul
Ngan putrana nu jadi imam tibabaheula
Nyatana imam nu opat teu di anggo
wakil
Tah
nu kitu golongan siah sing garila
3Howarij
Ka tilu golongan howariz ari lobana
Nya
dua puluh golongan sakabeh zuhala
Nyatana
ngaku madhab sorangan te make
Ka
imam nu opat jadi ti ba’bahela
4Gerup murji’ah
Ka opat golongan mur'jiah
ari lobana
Lima golongan sakabeh tekad na baheula
Nya
boga tekad teu naon’’ gawe doraka
Da moal matak ngurangan iman nu baheula
5 Cerw nazariah
kalima golongan nazariah
ari lobana
Tilu golongan pahaman na pada jugala
Sarua
pisan kana paham na ahli sunah
Sakabeh
oge dambeulan alloh sagala gala
Tatapi lamun mashur gawe manehan nana
Etamah lain ti alloh sabab kahayanag kula
Upamana
gering atwa paeh tawa cilaka
Tah
ti alloh kusabab lain ka hayang kaula
Sing areling iye pahaman bisi kasair
Mun kasair dina naraka
salila lila
6 jabaria
Ka genep golongan jabariah lobana
Hiji golongan kade sing awas bisi kaseula
Nya boga tekad sagala gala kumaha alloh
Nuhade sareng nugoreng teu di pilih hela
Nya
kitu migawe kasab ka mana mana
Lur
ka hayang kumaha alloh dina sagala’’
jabariah kabagi dua
Golongan jabariah aya dua
bagian
Mutawasitoh ngarana bagiyan
ti heula
Nyatana
jalma tetep kudu baroga gawe
Temenang
nyarndeken ka alloh ta’ala
Ka dua ngaran holisoh kiye
pahamanana
Te kudu kasab da alloh
heman sagala gala
Ka
hade iyeu pahaman ka dua sing awas
Bisi
ka sair tujuan tekad salila lila
7
Kapir muJasimah
Ka
tujuh golonan muzasimah ngarana
Ari
lobana hiji golonan nu lewih eula
Nya eta boga tekad awak na
sorangan
Ngaku pangeran bawana sipat
salila lila
Kaya
ning sifat pangeran reujeng nabi muhamad
Nyatana
ati badana eta nabi tetelaa
Saha nu boga tekad kaya
sarupa kitu
Murtad tulban teu kudu di pikiran hela
Jumlah
golongan nu tujuh bilanganana
Tujuh
puluh dua golongan nu bara hula
Nya anu bakal tetep
dinaraka tea
Moal kaluar tijero seneu sa
lila lila
Ahlu sunah waljama’ah
Ari
nu hiji golongan nu bakal salameut
Nya
ahli sunah jamaah anu ti babaheula
Nyata nu sa tekad sa lampah
sa ucap
Jeng kanjeng nabi sohabat sohabat nu
bela
Ngarana golongan nu bakal salamet tea
Nyaeta
golongan asa'iroh tetela
8
Nyatana imam nu ngurus dina sagala usul
Urusan tekad sangkan teutep
sa baheula
Ari
lobana glongan asai’roh tea
Hiji
golongan di selir ku alloh ta’ala
Tah iyeu nyakalan sakabeh
munmin
Sing karuat sing karukuh
salila lila
Mendalami paham ahli sunah waljama’ah
5
Ari golongan ahli sunah di bagi dei
Jadi dalapan golongan nu ringkes tapsila
1
Nu ka hiji na golongan
imam imam a’dom
Jeng kholifah kholifah islam nu baheula
Tur nu cukup dina ilmu usuludin
Nya kitu ilmu fikih tasaup jugala
Nyakitu aqoid sacara
kanjeng nabi
Jeng sohabat sohabat nabi nu baheula
Nyata nu di sebut doripah mutakalimin
Nya nu nekad keun kana sifat alloh ta’ala
Sarta bersih tina
elmu bid’ah nu sasar
Nyata kaom tujuh
puluh dua nu ela
2
Ka dua golongan imam imam mujtahid
sa caraa golongan imam safi’i heula
nya kitu imam
maliki hanafi hambambali
jeng ao’ja’i sao’ri ibnu abi laeli
nu aqoid na dina perkara bangsa akal
nya wajib wenang mustahil akal tetela
jeg suci tina bid’ah
ilmu anu sasar
nytana
kaom tujuh puluh dua golongan
3
katilu golongan ahli
hadits nu soheh
tur nu cukup ilmu
hadits sagala gala
jeng teu ka campuran ku bid’ah nu sasar
nyata kaom tujuh puluh dua nu eula
4
Nu ka opat na golongan
ahli ilmu adab
Nya imam ilmu nahwu sorop lugot heula
Nya kitu imam holil imam sibaweh dei
Nya para imam imam ahpas nu tetela
Jeng teu ka campuran ku
bid’ah nu sasar
Yata na kaom tujuh puluh dua tuala
5
Lima golongan ulama qiroat jeng tapsir
Anut na ka para mad’hab madhab nu
baheula
Jeng teu ka campuran ku na’wil nu sasar
Nyata kaom tujuh puluh dua tuala
6
Ka genep golongan
tasaup ahli nujuhud
Tur nu cukup ilmu usul dina sagala
Jeng
doripah doripah ahli hadis
Nu teu kaluar wasiat wali nu sae kala
Jeung teu ka campuran ku bid’ah nu sasar
Nyatana kaom tujuhpuluh dua nu ala
7
Ka tujuh
golongan muslimin nu paraham
Aqoid jeng
fikih tasaup tetelaa
Nu teu kaluar tina paham hadits nabi
Jeng pahaman ulama ulama baheula
Jeung teu ka
campuran ku bid’ah nu sasar
Nyata kaom
tujuhpuluh dua nu ala
8
Dalapan golongan sakabeh kaom islam
Nu aya dina tempat tempat na salila lila
Nu ngaraji
akoid sareung pikih dei
Tasauf tina
kitab hadis sae kala
Jeung teu kacampuran ku bid’ah nu sasar
Nyata kaom tujuh puluh dua nu ala
Tah
nu dalapan golongan sing ka paham
Supaya jadi
umat nabi sa lila lila
Nya iyeu tukilan wekasan nana
Alloh mugi maparin pitulung ka kaula
Ari alloh
nu uninga kana bener
Muga muga urang jadi jalma bener
Al
hamdulilah
Ngajelasken taqlid
Iye weukasan risalah disambung na dei
Ku netelaken taqlid ka imam ba hela
Supaya ulah kaluar tina madhab nu
opat
Sankan jadi umat nabi
sa lila lila
Saba’da imam nu opat ta aya kakawasaan
Ngaku madhab lian nu heula heula
Dawuhan yusup dina sawahidii sunda na
Ruksak lampah sair nu
bodo ba hula
Nyata ngaku mujtahid awak na sorangan
Boga pahaman teu anut ka imam bheula
Dawuhan imam ahmad sowi teu menang anut
Salian imam nu opat
sanajan jugala
Nya kitu najan muawapaqoh jeng qur'an hadits
Nu soheh dei dawuhan sohabat baheula
11 Sanajan
dei mupaqoh jeng dawuhan rosul
Tapi kaluar ti mujtahid nu opat nu sagala gala
Tah nu kitu sair awak na
sorangan
Jeng ka batur mamawa
sair salila lila
Karana
paham quran hadits sabuktina
Te make maham ilmu ulama baheula
Kaya dawuhan ibnu solah kiyeu sunda na
Tayana martabat mujtahid mutlaq geus lila
Nyaeta
ti ayena kira kira tilu ratus
Tahun
dina hijrah nabi nu tetela
Jadi tetela nu ngaku mujtahid ayeuna
Teu make imam nu opat gawe na sok nyeula
Lahir imam safi’i th i5o pps 204
Ari tapsilan hiji hijina imam nu opat
Sapi’i
di putra ken nana nutetela
Nya dina tahun saratuslima puluh tuluy
Pupus tahun
duaratus opat tiheula
Lahir imam maliki th 93
pupus 179
Kadua imam maliki di putrakeun nana
Dina tahun salapan puluh tilu ges lila
Tuluy pupus dina tahun sartus tujuh
Puluh salapan
iyeu itungan tinu bahela
Lahir imam hanapi th 80 pps 150
Ka tilu imam
hanafi diputrakeun nana
Dina tahun
dalapan puluh nu tetela
Tuluy pupus dina tahun saratus
lima
Puluh titi mangsa ulama ba heula
Lahir imam ahmad th 164
pupus 241
Ka opat imam ahmad di putraken nana
Nya dina tahun saratus genep puluh hela
Punjul opat tuluy pupus dina tahun
Duaratus opat puluh hiji tetela
Jadi lamun kaluar ti imam nu opat tea
Nya kaom nu tujuh puluh dua nu
pada cela
PA NYAMBUNG
RISALAH NYA IYEU WEKASAN nana
PAMUGI ALLOH MAPARIN HIDAYAH KA KAULA
KA SAKUR ANU MENDAKAN KASALIRU
PAMUGI KERSA NASHEH BADA MIKIRAN
HELA
TAMAT
Waqobla hijroti nabi yil isro
Mimakata laila likudsi yudro
Samemeh hijrah nabi
angkat ti mekah
Wengoi ka baetul makdis
piwarang alloh
Dina bulan rojab tanggal tujuh likur
dina wengi senen anu tos ka mashur
wa bada isro urujun lisama
hata roa nabiyu roban kalama
bada isro mungah kalangit di buka
hinga ningal nabi ka alloh ngandika
min goeri kaefin wanhisorin wap tarod
alaihi homsan bada
homsiina parod
teu kumaha teu karingkes jeng marduken
ka nabi lima ges limapuluh mikeun