كن مريدا صديقا مع شيخ مرشد

Senin, 24 Desember 2018

MIHROjul kurbi 0100.MIHROJULKURBI



بسم الله الرحمن الرحيم                
Wajan arud’’ mustafilun mustafilun mustafilun
MiHroJul kurbi
                                              IYEU NADOM  SUNDA FAFATENAN
Ngawitan abdi kunyebat jeneungan pangeran
 Nuasih di dunya akherat sa lila lila
                 Muji ka alloh nungurus sakabeh alam
             Ku puji anu nycogan sae sagalagala
Pamugi tetep rahmat salam karosululloh
Nyakitu ka ahli sohabat nu bararela
                           Iyeu risalah tukilan tina dawuhan rosul
Nya buat netelakeun papantan bahula
Sacara umat nabi ibr0him golongannana
Tujuh puluh golongan pada silih ceula
                           Nya kitu umat nabi musa golongan nana
                  Tujuh puluh hiji golongan loba tuala
Nya umat nabi isa oge golongnana
Tujuhpuluh dua golongan jeungjuhala
2
pirqoh muslim
Ari golongan islam jaman pupus rosul
Dua goloan islam munapeq bahula
Sakabeh kaom islam salmpah saucap
Satekad salian munapeq nu lewih ela
Sabada pupus rosulluloh timbul padu
Tekad ucap lampah islam nubahula
Nepika jadi islam  tujuh puluh tilu
Golongan islam kabeh pada silih cela
         Tegesna  visan kana dawuhan kanjeun nabi
Di akhir jaman pipisahan umat kaula
Hinga jadi tujuh puluh tilu golongan
Sakabeh hinga tetep dina raka salilalila
Kajaba hiji golongan teu asup naraka
      Nyata nu saucap tekad lampah jeng kaula
Nyakitu tekad ucap lampah saruadeui
Jeng sohabat sohabat kami nubaheula
Nu tujuh puluh duagolongan di bagi deui
    Nya jadi tujuh golongan nuringkes tapsilan
3
1 Gologan mu’tazilah

                      Kahiji golongan mutazilah lobana
                                                            Nya dua pulouh golongan sakabeh juhala
Nyaeta ngeweh ken sifat wujud ka alloh
Muhal katingali disurga alloh ta’alA
           2Golongan siah
 Kadua golongan siah ari lobana
              Duapuluh dua golongan kabeh di cela
Nya boga tekad teaya imam sabada rosul
 Ngan putrana nu jadi imam tibabaheula
                Nyatana imam nu opat teu di anggo wakil
       Tah nu kitu golongan siah sing garila
3Howarij
 Ka tilu golongan howariz ari lobana
Nya dua puluh golongan sakabeh zuhala
Nyatana ngaku madhab sorangan te make
Ka imam nu opat jadi ti ba’bahela
4Gerup murji’ah
Ka opat golongan mur'jiah ari lobana
       Lima golongan sakabeh tekad na baheula
Nya boga tekad teu naon’’ gawe doraka
   Da moal matak ngurangan iman nu baheula
5 Cerw nazariah
kalima golongan nazariah ari lobana
              Tilu golongan pahaman na pada jugala
Sarua pisan kana paham na ahli sunah
Sakabeh oge dambeulan alloh sagala gala
 Tatapi lamun mashur gawe manehan nana
 Etamah lain ti alloh sabab kahayanag kula
Upamana gering atwa paeh tawa cilaka
            Tah ti alloh kusabab lain ka hayang kaula
     Sing areling iye pahaman bisi kasair
Mun kasair dina naraka salila lila
6 jabaria
 Ka genep golongan jabariah lobana
   Hiji golongan kade sing awas bisi kaseula
      Nya boga tekad sagala gala kumaha alloh
Nuhade sareng nugoreng teu di pilih hela
Nya kitu migawe kasab ka mana mana
Lur ka hayang  kumaha alloh dina sagala’’
jabariah kabagi dua
Golongan jabariah aya dua bagian
Mutawasitoh ngarana bagiyan ti heula
Nyatana jalma tetep kudu baroga gawe
Temenang nyarndeken ka alloh ta’ala
Ka dua ngaran holisoh kiye pahamanana
Te kudu kasab da alloh heman sagala gala
Ka hade iyeu pahaman ka dua sing awas
Bisi ka sair tujuan tekad salila lila 
                                                                        7
  Kapir muJasimah
Ka tujuh golonan muzasimah  ngarana
Ari lobana hiji golonan nu lewih eula
Nya eta boga tekad awak na sorangan
Ngaku pangeran bawana sipat salila lila
Kaya ning sifat pangeran reujeng nabi muhamad
Nyatana ati badana eta nabi tetelaa

Saha nu boga tekad kaya sarupa kitu
Murtad  tulban teu kudu di pikiran hela
Jumlah golongan nu tujuh bilanganana
Tujuh puluh dua golongan nu bara hula

Nya anu bakal tetep dinaraka tea
Moal kaluar tijero seneu sa lila lila
Ahlu sunah waljama’ah 
Ari nu hiji golongan nu bakal salameut
Nya ahli sunah jamaah anu ti babaheula
Nyata nu sa tekad sa lampah sa ucap
       Jeng kanjeng nabi sohabat sohabat nu bela
   Ngarana golongan nu bakal salamet tea
Nyaeta golongan asa'iroh tetela
8
     Nyatana imam nu ngurus dina sagala usul
Urusan tekad sangkan teutep sa baheula
Ari lobana glongan asai’roh tea
Hiji golongan di selir ku alloh ta’ala  
Tah iyeu nyakalan sakabeh munmin
Sing karuat sing karukuh salila lila
Mendalami paham ahli  sunah waljama’ah
5
Ari golongan ahli sunah di bagi dei
Jadi dalapan golongan nu ringkes tapsila
1
Nu ka hiji na golongan imam imam a’dom
Jeng  kholifah kholifah islam nu baheula
Tur nu cukup dina ilmu usuludin
Nya kitu ilmu fikih tasaup jugala
Nyakitu aqoid sacara kanjeng nabi
Jeng sohabat  sohabat nabi nu baheula
Nyata nu di sebut doripah mutakalimin
Nya nu nekad keun kana sifat alloh ta’ala
Sarta bersih tina elmu bid’ah nu sasar
Nyata kaom tujuh puluh dua nu ela
2
Ka dua golongan imam imam mujtahid
 sa caraa golongan  imam safi’i heula
nya kitu imam maliki hanafi hambambali
                jeng ao’ja’i sao’ri ibnu  abi laeli
nu aqoid na dina perkara bangsa akal
nya wajib wenang mustahil  akal tetela
jeg suci tina bid’ah ilmu anu sasar
                nytana kaom tujuh puluh dua golongan
3
katilu golongan ahli hadits nu soheh
tur nu cukup ilmu hadits sagala gala            
jeng teu ka campuran ku bid’ah nu sasar
nyata kaom tujuh puluh dua nu eula
4
 Nu ka opat na golongan ahli ilmu adab
Nya imam ilmu nahwu sorop lugot heula

     Nya kitu imam holil imam sibaweh dei
Nya  para imam imam ahpas nu tetela
Jeng  teu ka campuran ku bid’ah nu sasar
Yata na kaom tujuh puluh dua tuala
5
Lima  golongan ulama  qiroat jeng tapsir
        Anut na ka para mad’hab madhab nu baheula
Jeng teu ka campuran ku na’wil nu sasar
Nyata kaom tujuh puluh dua tuala
6
Ka genep  golongan tasaup ahli nujuhud
Tur nu cukup ilmu usul dina sagala
Jeng doripah doripah ahli hadis
     Nu teu kaluar wasiat wali nu sae kala
Jeung teu ka campuran ku bid’ah nu sasar
Nyatana kaom tujuhpuluh dua nu ala
7
Ka tujuh golongan muslimin nu paraham
Aqoid jeng fikih tasaup tetelaa
Nu teu kaluar tina paham hadits nabi
Jeng pahaman ulama ulama baheula
Jeung teu ka campuran ku bid’ah nu sasar
Nyata kaom tujuhpuluh dua nu ala

8
Dalapan golongan sakabeh kaom islam
Nu aya dina tempat tempat na salila lila
Nu ngaraji akoid sareung pikih dei
Tasauf tina kitab hadis sae kala

Jeung teu kacampuran ku bid’ah nu sasar
Nyata kaom tujuh puluh dua nu ala
                                                  Tah nu dalapan golongan sing ka paham
Supaya jadi umat nabi sa lila lila
Nya iyeu tukilan wekasan nana
Alloh mugi maparin pitulung ka kaula
Ari alloh nu uninga kana bener
         Muga muga urang jadi jalma bener
Al hamdulilah
Ngajelasken taqlid
Iye weukasan risalah disambung na dei
Ku netelaken taqlid ka imam ba hela
              Supaya ulah kaluar tina madhab nu opat
Sankan jadi umat nabi sa lila lila
Saba’da imam nu opat ta aya kakawasaan
Ngaku madhab lian nu heula heula
       Dawuhan yusup dina sawahidii sunda na
Ruksak lampah sair nu bodo ba hula
Nyata ngaku mujtahid awak na sorangan
Boga pahaman teu anut ka imam bheula
                  Dawuhan imam ahmad sowi teu menang anut
Salian imam nu opat sanajan jugala
Nya kitu najan muawapaqoh jeng qur'an hadits
Nu soheh dei dawuhan sohabat baheula
       11    Sanajan dei mupaqoh jeng dawuhan rosul
               Tapi kaluar ti mujtahid nu opat nu sagala gala
Tah nu kitu sair awak na sorangan
Jeng ka batur mamawa sair salila lila
    Karana paham quran hadits sabuktina
Te make maham ilmu ulama baheula
Kaya dawuhan ibnu solah kiyeu sunda na
Tayana martabat mujtahid mutlaq geus lila
Nyaeta ti ayena kira kira tilu ratus
Tahun dina hijrah nabi nu tetela
Jadi tetela nu ngaku mujtahid ayeuna
Teu make imam nu opat gawe na sok nyeula
Lahir imam safi’i th i5o pps 204
      Ari tapsilan hiji hijina imam nu  opat
Sapi’i di putra ken nana nutetela
Nya dina tahun saratuslima puluh tuluy
Pupus tahun  duaratus opat tiheula
Lahir imam maliki th 93 pupus 179
Kadua imam maliki di putrakeun nana
Dina tahun salapan puluh tilu ges lila
 Tuluy pupus dina tahun sartus tujuh
Puluh salapan iyeu itungan tinu bahela
Lahir imam hanapi th 80 pps 150
Ka tilu imam hanafi diputrakeun nana
Dina tahun dalapan puluh nu tetela
Tuluy pupus dina tahun saratus lima
Puluh titi mangsa ulama ba heula
Lahir imam ahmad th 164 pupus 241
 Ka opat imam ahmad di putraken nana
Nya  dina tahun saratus genep puluh hela
Punjul opat tuluy pupus dina tahun
    Duaratus opat puluh  hiji tetela
Jadi lamun kaluar ti imam nu opat  tea
Nya kaom nu tujuh puluh dua nu pada cela
PA NYAMBUNG RISALAH  NYA IYEU WEKASAN nana
PAMUGI ALLOH  MAPARIN HIDAYAH KA KAULA
KA SAKUR ANU MENDAKAN KASALIRU
            PAMUGI KERSA NASHEH BADA MIKIRAN HELA
TAMAT
Waqobla hijroti nabi yil isro
Mimakata laila likudsi yudro
Samemeh hijrah nabi angkat ti mekah
Wengoi ka baetul makdis piwarang alloh
Dina bulan rojab tanggal tujuh likur
dina wengi senen anu tos ka mashur
wa bada isro urujun lisama
hata roa nabiyu  roban kalama
bada isro mungah kalangit di buka
hinga ningal nabi ka alloh ngandika
    min goeri kaefin wanhisorin wap tarod
alaihi homsan bada homsiina parod
teu kumaha teu karingkes jeng marduken
ka nabi lima ges limapuluh mikeun


Share:

0 komentar:

Posting Komentar

Total Pengunjung Blog

Postingan Populer

Arsip Blog

About Me

مَا مِن نَفَسِ تُبْدِيْهِ اِلَا وَلَهُ قَدْرُ فِيكَ يُمْضِيهِ
Segala nafas yang keluar darimu itu adalah kekuasaan ALLOH SWT. Dan segalanya di pasti bagimu baik to’at maupun maksiat.
Copyright © Marifat hoos Internasional | Powered by Blogger
Design by SimpleWpThemes | Blogger Theme by NewBloggerThemes.com & Distributed By Protemplateslab